Jandela kaca muka, nongol Anjani nyalukan Endah.
“Endaaaah… Urang ameng yuuuuk,” simpe. “En…” Can tamat Anjani ngajorowok, Endah nongol dina jandela.
Dua sobat dalit nu kamamana duaan memang imahna pagigir-gigir, kaca jandela paharep-harep.
“Libur Aaaan… Endah nuju ngadangukeun dongeng Emak. Hayuk kadie…”

“Hah…dongeng!” Anjani anu karesepna kana dongeng langsung ngaberebet lumpat.
###
Keuyeup biasana aya di balong, nyurup dina taneh. Kadang lempang gancang, kadang jalan alon.

“Aki, naha jalanna Lila,” tanya simet nu nemplok dina tonggong keuyeup.
“Aih, ari hidep… Pan aki mah lila tapi pasti jalanna. Aki nu heran mah, naha hidep bet nemplok di tonggong? Hidep pan bisa luncat, leuwih gancang jalanna.”

Riak cai balong nu anteng lir jadi ilapat dina jasad nu ngan saukur wawangsulan. Aliran seperti cai nu kena ku sarupaning kaayaan.

Balong bedah, dinding bendungan bedah. Keuyeup bodas ngabudalkeun sagala kaegoisan manusa.
##
Anjani jeung Endah neuteup cai nu ngahamparna dina suhunan.
“Tuh, imah urang…” Bari nunjuk suhunan ni tinggal gentengna.
“Ayeuna tinggal caina.. Mudah-mudah keyep bodas medalkeun sagala kasarakahan.”

Advertisements