Tags

, ,

Saulas rasa disimpen dina katumbiri panca warna. Aya dina satiap beja nu nyaritakeun kaayaan dina raga pada suka. Ciibun jeung cihujan ngahiji jadi das nu ngamalir ati. Mapag cangcaya anu henteu dipercaya.

Pangumbara dina cangcaya, jadi ragam na carita. “Inyana dina rasa, nu kabawa ku sakaba-kaba. Meier carita moal aya cara, lir totonden anu mere beja.”

Ceurik nu ngagenggeuik, jiga hawar dina rasa anu merebeja. Carita bakal terus ngabaca. Saperti anu dina uga.

Rongheap Jatraka pinuh ku percaya. “Aya naon Emak? Naha kuring disebut tanpa daksa?”

“Anjeun lain tanpa daksa, waruga nu geus jadi pertanda salaku makhluk nu dipercaya,” tembal Emak.

“Naha batur bet ningali kuring jiga nu katutup tanpa waruga,” tanya Jatraka cumalimba.

“Inget dina uga nu ditulis dina sansakerta, aya raja, rasa, raga, jeung jiwa. Saumur aya dina Pataki taun anu singkur, paribasa anu singgah, carita bakal terus dibaca jeung dicarita. Dina lembaran-lembaran kahirupan, manusa moal hidup lana, tong mikir kanu can aya. Tempo diri ayeuna. Hidep jeung Emak gumbira. Mipit asih tina tresna alam dunya.”

Hibar layung lain panungtung kahirupan, tapi sekar nu cunarita dina kaayaan jeung rasa anu ngagerentes dina kalbu. Carita kuring lir ukur paribasa, padahal eta aya dina panungtung mata. Cicing dina kahirupan anu teu mangrupa.

Sumirat rasa lir sang surya anu sumebar cahayana. Cangcaya jeung putus asa jadi pertanda, hirup teu siap ku kaayaan. Teu percaya kana kakuasaan pangeran.

Carita bakal terus dipedar. Moal aya nu bakal ngahulag. Wayahna… Pileuleuyan jeung pateupungan dina kalbu nu ka emban.

Advertisements