Satengah teu percaya, Kania neuteup ka akina. “Aki, naha cakcak sok parasea jeung buaya?”
“Henteu anaking, incu Aki,” bari ngageleunyu imut. “Ngadangu ti saha cakcak parasea jeung buaya?” Aki balik nanya ka incuna.

“Saur dina TV,” tembal Kania. “Tingali Ki, cakcak mah aya na tembok, kakarayapan. Pami buaya aya dimana?” Tanya Kania.

“Buaya mah biasana aya di walungan atawa rawa. Baheula cakcak jeung buaya teu aya istilah parasea, komo bari silih serang jiga nu perang.” Jawab Aki.

Cakcak jeung buaya setemenna sajenis, sasatoan nu ngarayap. Cakcak cicing di darat, buaya di cai jeung darat.

Baheula dina mangsa jalma can loba, cakcak jeung buaya sok merebeja kana kaayan di sabudeureunna. Jadi warta, jeung pamere carita jeung nu sejenna. Anapon buaya, ayana di walungan, jadi makhluk nu dipikasieun sabab sok ngocepat, ngadahar daging.

Kania ngahuleung ngabandungan Aki cumarita. Cakcak jeung buaya sarua, ngan tugas jeung panempatanna nu beda. Mana nu unggul?

Duanana unggul, papada boga kalemahan jeung kaleuwihan. Setemenna duana aya dina tugas jeung pakasabanna nu ditetepkeun, ngan sakapeng manusia sok jumawa mere nilai ka makhluk sejenna. Padahal nu penting, nilai diri, maca awak jeung jati diri.

Kania neuteup dinding imah, aya cakcak nu utek-utekan buntutna, gugupay jiga nu ngadadahan. Belenyeh Kania imut, ngajak seuri ka babaturan anyarna.

Advertisements