Dina wirahma rasa, aya gerentes dina hate Jingga, “Tresna…” Rasa anu sumayabah dina dada, minuhan rasa jiwa.
Kuring keom pasa Ambu nyarita, “Jingga, geus nitis dina waktuna, nincak dina mangsana, anjeun ayeuna ngadahup jeung lakirabi.”
Langit cangra taya haleumheum peteng, sumirat ponen poe nyaangan hate nu merekah ku rasa cinta.
Hiliwir angin peuting jadi tintrim, dina rasa asih jeung tresna. Krok…Krok…sora bangkong mapaes alam endah di sisi pahumaan.
“Ambu, Jingga mulang lain mangsa lain wayah kur hoyong masihan terang, tresna Jingga keur salaksa alam satungkebing buana.”
Renghap Ambu netep anteb ka anak nu dikandung mang bulan-bulan, diayun mang taun-taun. Ditanggey jiga endog beubeureumna, dipuja jeung dipupusti dina ati.
“Hidep datang ka patapaan, ngabejakeun warta nu gumbira. Bral miang mapag jomantara rasa, nyamperkeun katresna nu memang aya dina wanci sariyak layung, Jingga.”
Wanci mulang surya jeung medal wulan. Teuteup Ambu ngadu’a, dina rasa masih aya tresna ti satiap anak nu lahir dina rahimna.
###
“Ku naon neuteup kuring jiga nu nyimpeun ku kakeuheul?” Teuteup Ambu.
“Ambu…. Naha anjeun ngabitukeun gunung jeung ngobok sagara?” Jingga datang deui nyimpeun sajuta rasa mingewa.
Langit cangra, sumirat surya moncorong milu neuteup kanu keur medal rasa. Alam sarupa persis jiga harita Jingga medalkeun tresna.
“Gunung lain bitu, sagara lain ku kuring obok-obok, Jingga… ” Ambu neuteup anteb ka Jingga nu ayeuna datang dina rasa kuciwa.
“Angin geus ngabarkeun, cai geus ngabejaan yen sagara rek mudalkeun eusina, kitu deui jeung gunung. Naha hidep geus mapalerkeun warta jeung tanda?” Ambu balik nanya. “Kalakay nu ragrag ka taneh satemenna jadi tanda pikeun hidep, Jingga.”
Surup panonpoe meupeus Jingga dina sajuta rasa. Jingga ngaheruk, narik napas pinuh kahanjeulu. Lir kertas nu kena ku ciibun, Jingga ngarumpuyuk menta pangampura.
“Ambu, hampura sagala rasa anu kabawa dina sukma, rumasa kuring teu maca jeung malire alam. Padahal kuring miang ti patapaan keur diajar mawa rasa, ngaca jiwa, jeung maca alam. Hampura kuring, Ambu…”
Surya mupus jeung medal wulan, ngembangkeun warna jingga, sariyak layung mapaes langit.
Setengah2 saya ngertinya, hehe. Padahal pernah tinggal 6 tahun di bandung π
LikeLike
Alhamdulillah, lami oge tinggal di Bandung… Tangtos ngartos tiasa basa Sunda π
LikeLike
Sae pisan, reuseup macana. Jarang anu nulis ngangge bahasa sunda.
LikeLike
Ieu nuju belajar Mak π
LikeLike
Kelimpungan nyari kamus bahasa Sunda. Nyerah deh. Hahahaha….
LikeLike
Makasih dah singgah Mak π
LikeLike
Oh, ya… ya… butuh sulih bahasa indonesia saya, hehe…
LikeLike
Iya Teh… π
LikeLike
Ah henteu Ran, ieu oge nuju diajar π
LikeLike
Hihihi… Nanti translatenya pas ketemuan π
LikeLike
Ayo kita belajar basa Sunda, Mak π
LikeLike
Adaaaa… Cari di google translate π
LikeLike
Hatur nuhun Pak
LikeLike
wow… serius ieu mah basa sundana… kalah ngahuleng ieu teh, soalna tos lami teu maca mangle… :))
LikeLike
Meuni puitis teh, asa baca mangle. Copas comment teh Ani.
LikeLike